JAMPE PANAS
Bismilahiromanirohim
Tiis batan cau kole di ala ku odeng
odeng
Ceup tiis
(Dibaca 3X)
NYARANG HUJAN
Bismilahiromanirohim
Nini raspati jaya ning angin
Embah buyut jaya ning kusumah,,,
(Bari nahan nafas 7X)
JAMPE NGUSEP
Nini beutekuk hulu
Aki betekuk hulu
Nu mondok di gowok cadas
Sor blenong
Aki betekuk hulu
Nu mondok di gowok cadas
Sor blenong
(Dibaca 3x)
Kirim aing cacing kuning
Tali na rantay emas
Jol aing jol sia
Ah lauk
Kirim aing cacing kuning
Tali na rantay emas
Jol aing jol sia
Ah lauk
(Dibaca 3x)
JAMPE ARATEL KU MERANG
Bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal
Di ala ku sang kuda putih
Hurip
Waras
JAMPE SARE
Dug sira gumulung nyanghulu ka
sagara, nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, nangkarak
ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah
katinggang subaya, istan palias.
SINGLAR ANU JAIL KANIAYA
Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg
NYERI BETENG
Sanjati tli ari2
Peujit pabeulit puseur pacangreud
Dibeungkeut ku tali kincir
Dikeureut ku hinis putih
Tiis dingin tali purna
Hurip waras
Hurip waras
Hurip waras
Waras hurip!