Jumat, 19 September 2014

JAMPE JAMPE KOLOT BAHELA

  JAMPE PANAS
Bismilahiromanirohim
Tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng
Ceup tiis
(Dibaca 3X)
NYARANG HUJAN

Bismilahiromanirohim
Nini raspati jaya ning angin
Embah buyut jaya ning kusumah,,,
(Bari nahan nafas 7X)
JAMPE NGUSEP

Nini beutekuk hulu
Aki betekuk hulu
Nu mondok di gowok cadas
Sor blenong
(Dibaca 3x)
Kirim aing cacing kuning
Tali na rantay emas
Jol aing jol sia
Ah lauk
(Dibaca 3x)
JAMPE ARATEL KU MERANG

Bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal
Di ala ku sang kuda putih
Hurip
Waras
JAMPE SARE
 Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara, nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palias.
SINGLAR ANU JAIL KANIAYA


Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg
NYERI BETENG

Sanjati tli ari2
Peujit pabeulit puseur pacangreud
Dibeungkeut ku tali kincir
Dikeureut ku hinis putih
Tiis dingin tali purna
Hurip waras
Hurip waras
Hurip waras
Waras hurip!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Cari Blog Ini