Jumat, 19 September 2014

Munjung tong ka gunung, muja ulah ka sagara.

Munjung tong ka gunung, muja ulah ka
sagara.."



Kudu munjung ka indung,
kudu muja ka bapa.
Sabab indung anu
ngandung, sabab bapa nunga yuga.

Salapan bulan lilana
bubureuyeungan kamamana teu di rasa
kacapena,
Tuluy cunduk kana waktu
kaluar tina parji ibu nu disebut ngajuru tea.
Dina lebah kaluarna
nyerina kabina-bina, lirsakarat karasana.

Tuluy ku bapa di tampa diadanan lebah ceulina ngarah apal ka Pangeranna, tegesna Alloh Ta'ala..

Teu ka catur lalakonna
budak teh rea umurna
bapa ge tuluy ngayuga
nyaahna kabina-bina.
Nincak kana umur cedo
tuluy urang bebenjo, dibenjokeun ajaran agama.
Di ajar ngaji ku bapa, tuluy dielmuan sapinuhna ngarah apal ka dirina.
Elmu agama utama malah
wajib kasebutnangarah teu sasar hirupna.

Indung ge nyakitu keneh
nyeuseuh ompol jeung
kotoran, euweuh kageuleuh karujit lantaran
sieun jadipanyakit..

Panjang keneh lalakon na
iyue mah alakadarna,aya keneh kapayuna.

sakitu nu ka sanggkeun.
Mugi jembarpangapunten.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Cari Blog Ini